Puisi Bahasa Sunda Tentang Lingkungan

Puisi Bahasa Sunda Tentang Lingkungan

puisi tentang lingkungan sekolah pake bahasa sunda

1. puisi tentang lingkungan sekolah pake bahasa sunda


CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULA

Rundayan carita mangsa harita
masih natra dina rasa
tatali asih nu mengkeut pageuh
nepi ka kiwari tetep euntreup
kawas si leugeut teureup

Katresna teu ilang singray
najan umur rek nepi ka kubur
kasono teu weleh pogot
najan jiwa geus teu deui ngora

Duh Gusti nu maha welas tur asih
jagi tali rabi abdi dugi ka aki nini
teubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri

Nyai panutan akang
kasatiaan modal utama
ulah nepi ka dirogahala
ku pangaruh dunya nu kadang mawa sangsara

Kabagjaan lain diukur ku lobana brana
lain dihias kureuncemna emas
kabagjaan pasti nyaangan urang
mun iman jeung takwa jadi sareat urang
dina enggoning ngabangun rumah tangga

Rundayan carita katresna harita jeung ayeuna
urang jaga ulah nepi ka sirna
sangkan urang tetep waluya
nepi ka pantona sorga..


2. contoh puisi lingkungan ber bahasa sunda


Lembur gunung lembur singkur
matak waas nu ningali
Pasawahan pahumaan
Rezeki keur anu tani
Kabetah keur nu titirah
niiskeun pikir jeung ati.

3. Buatlah puisi tentang lingkungan sekolah! Memakai bahasa Sunda!


cahya panon poe,nya'angan kana hate
hiliwirna angin,tiis kana dada,tatangkalan sing garupay,nambih nyieun endahna alam

Lemah cai negeri nu can kena ku polusi
Alam endah nu merenah
ulah nepi ka punah
ku urang kudu di pupusti
supaya tetep asri lestari


semoga bermanfaat

4. tolong buat sajak/puisi bahasa sunda dengan tema lingkungan dengan sajak sebanyak 5 bait , 1bait terdiri 4 baris tolong secepatnya mksh.


(1) BUDAK PAHATU LALIS Dua budak pahatu lalis adi lanceuk awéwé lalaki kasarung di leuweung ganggong adina ceurik ngalengis mana jalan geusan balik. Budak lalaki ngala kupa leungeunna parigel metik buah kupa dialungkeun dipulungan ku adina. Tina rungkun buni kacida luar-léor oray sanca gep ngegél awak adina nu keur anteng murak kupa. Jrut turun budak lalaki ana rét ka sakuriling Si Nyai ka mana geuning reuwas kacida teuing. Manuk Cukrik disada semu nalangsa “Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih” pucuk eurih bakal matih Si Nyai bakal kapanggih. Geberan ku hihid aing hihid aing kabuyutan mawa bayu kahuripan. “Geber-geber hihid aing hihid aing kabuyutan titinggal nini awaking”. Usik ngulisik raga tangtungan paripurna hirup waras ku saktina rasa asih.

5. Tolong buatin puisi bahasa sunda bertemakan lingkungan/keindahan alam atau tentang Ibu/ayah dong. No Googling ya,makasih sebelumnya :)


DI MUMUNGGANG CIKERUH

Neuteup padataran tungtung Bandung
bari ngararasakeun hiliwir angin gunung
mayakpak padataran
sacangkewok pasawahan jeung rewuan suhunan
luhureunana langit maleukmeuk
kapulas ku haseup pabrik jadi reueuk

Mana Cicalengka nu cenah titinggal nagri Kendan?
kiwari tinggal heabna jeung pasuliwerna sedan
jalan liliwatan ka nagri Galuh
ngabulungbung mun disorang henteu jauh
jalan liliwatan ka nagri Sunda
ngembat natrat disorang teu matak suda

Neuteup bulistirna tonggong pasir
sabada nohonan salat lohor ahir
tingborelak taneuh beureum
lir gudawangna tatu nu teu eureun-eureun
rajegna tangkal nu maluguran
rabeng kalakay kasorot panonpoe manceran

Mana gumplukna tutuwuhan nu cenah benteng Sumedanglarang?
geuning ukur wangwangan jeung pasolengkrahna regang
lamping nu mindingan Tanjungsari
jadi liliwatan tutumpakan nu balawiri
gunung nu ngalingkung situ Bandung
ngan aya 'na anggitan Papatet Ganjlung

6. gabileh cari di google! puisi tema kebersihan lingkungan 3 bait, kalau bisa pakai bahasa sunda tapi kalau pakai bahasa Indonesia gapapa dibutuhkan malam ini! ​


Puisi Sunda tentang Kebersihan Lingkungan

Geura datang

Tong hilap sarapan ti bumi

Sanggeus éta kami baris ngabersihan jeung cobaan.

Ngajaga kabersihan lingkungan sakola mangrupa wujud rasa cinta

Cinta anu tulus pikeun diri, alam, sareng sadaya anu aya di jerona.

Nitah jukut hejo geura kembangan

Jangji ka apoték hirup yén kiwari moal aya deui runtah.


7. Buatlah puisi hasil karangan sendiri dengan tema Menjaga Kelestarian Lingkungan minimal dua bait, isi tiap bait minimal 4 baris dengan menggunakan Bahasa Sunda yang baik!


Jawaban:

LINGKUNGAN TERCEMAR

dahulu...

ak sayang dengan linkunganku lingkungan yang bersih tanpa polusi kebun terhampar dimana mana sampah rapih di tempatnya masing masing

tapi sekarang...

lingkungaku kotor oleh tangan tangan tangan nakal tangan yang tidak bertanggung jawab oh lingkunganku... sekarang engkau kumuh dan tercemar aku ingin linhkunganku seperti dulu


8. Tolong tuliskan contoh puisi bahasa sunda tentang lingkungan yaa.. 


Dalam sastra Sunda, puisi terbagi ke dalam dua kelompok, yaitu kelompok puisi yang berbentuk cerita dan kelompok puisi yang bukan berbentuk cerita. Puisi yang bentuknya cerita adalah seperti wawacan dan pantun Sunda. Sedangkan puisi yang bentuknya bukan merupakan cerita adalah seperti sisindiran, mantra, kawih dan pupuh.

Pupuh adalah merupakan bentuk puisi Sunda yang terikat oleh aturan. Aturan yang terdapat dalam puisi pupuh disebut "guru lagu" dan "guru wilangan". Secara singkat, pengertian guru lagu adalah aturan yang terkait dengan suara suku-kata yang ada. Sedangkan pengertian guru wilangan adalah aturan yang terkait dengan jumlah suku-kata dalam satu baris dan jumlah baris dalam satu bait.

Salah satu jenis yang ada dalam pupuh adalah guguritan. Terdapat beberapa jenis guguritan, dimana salahsatunya adalah jenis sinom. Guru lagu dan guru wilangan yang ada dalam pupuh sinom adalah 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a. Di bawah ini adalah contoh pupuh guguritan sinom yang bertema tentang lingkungan dengan judul "Leuweung Jeung Walungan" yang artinya "Hutan dan Sungai" :

Leuweung Jeung Walungan

Walungan kudu dijaga (8-a)
supaya teu aya banjir (8-i)
leuweung ge kudu dijaga (8-a)
supaya teu ngirim banjir (8-i)
moal sok aya banjir (7-i)
mun leweung walungan alus (8-u)
jalma kudu usaha (7-a)
sangkan ulah aya banjir (8-i)
leuweung walungan hade banjir ge taya (12-a)

Video Terkait

Kategori b_daerah